Rabu, 18 Oktober 2017

Syairan indung



بسم الله الرحمن الرحيم


ka indung urang mah munjung        ka bapa urang ngupama

sabab indung anu ngandung      bapak mah anu ngayuga

salapan sasih lamina      indung ngkandung putrana

bari  di rawat di riksa     sangkan salamet lahirna

dimana dugi waktosna    nyeri ripuh teu di rasa

banjir gertih saenyana   indung mah naruhkeun nyawa

bapak maturan satia  muntang tulung jeng ngadoa

budakna lahir ka dunya     indung ceurik  bahagia

bapak rikat buru buru      ngadanan ceupil katuhu

anak  di candak di rawu   buru buru di pangku

dina ceupil anu kenca     qomat ku bapa di baca

syukur bungah bari bagja    salamet lahir ka dunya

dua tahun di sususan     di urus jeng di mandian

di dandanan di minyakan   di huapan di usapan

waktu indung ker sarapan   anakna teh kaberatan

ku indung mah di obehan      dahar indung di ereunan

indung mah teu kaur rapih    budakna di lahun kiih
gewat budakna di raih   popokna di gentos bersih

indung henteu eren ngurus   malah mandar budak mulus

najan awak indung kurus   ibadah niatna tulus

dina teu ngarenah budak   soca indung carinakdak

jantung ratug hate nyeblak   hariwang bangrt ka budak

mun budak paranas tiris   di pangku bari di ais

di simbutan bisi tiris   indung mah baseh  ba rucis

nyakitu lamun ges gede    indung mah poho ka cape

budak teu di perdih gawe    asal di ajar sing hade

di mana hayang rarabi   nu riweh bapak jeng umi

gudar  gedor  jeng milari    bari  hate  rada nyeri

sawaktu lahirna incu indung mah  ciga pembantu

ngasuh nyeseh bari nyangu   indung mah teu nggurutu

awak indung nika begang   lantaran ngurusan urang

najan bari kurang daang anak mah taya karingrang

sawaktu indung ker gering   gualng guling berang peting

anak mah teu ambil pusing malah mah kalah teu eling


ajalna  indung di jemput   ku malaikat  maut

anak incu sing kulunut kaduhung henteu narurut

hanjakal teu manggih tung2   loba doraka ka indung

ngan ukur bisa kaduhung indung ges di jero padung

nun gusti pangeran abdi hapunteun dosa sim abdi

dosa  ibu  rama  abdi  nu tos  nyaaheun  ka abdi

sareng  mugi- mugi  gusti nempatkeun ka bapak umi

di tempatna  rohmat gusti lebetkeun kana sawargi
by;santri elite 




Lalakon di kobong


Dikobong lamun ker bingung # taya pisan keur nyalindung

Udud ge ngan ukur kuntung # bari di harudung sarung

Sangsara karasa pisan # hirup di tanggung sorangan

Paitna teh alahbatan #duh gusti abdi tulungan

Dina batin mah ngajerit # ngoceak maratan langit

Unggal dinten soca bintit # kana hate ge nyeletit

Iyeu syiir di seratna # di lebet kobong nyalira

Kenangan nu pang paitna #muga sing aya hikmahna

Karasa pisan sedihna  # nalangsa kabina bina

Mun emut ka ibu rama # nu tos masihan bekelna

Rama nu ngajajap uih  # adbi di kantunkeun sedih

Ku rerencangan di raih# dihibur sangkan teu sedih

Mimitina mah ka paksa   #  lila lila mah biasa

Bari di ajar dewasa  #  nuntut elmu pangabisa

Sa dinteun mah henteu puguh # jeng babaturan can wawuh

Ngobrol ge rada aracuh # da aku mah apa atuh 

Di gugahkeun subuh subuh  # ku santri nu atois sepuh

Bari soca masih tunduh # lulunguh asa teu puguh

Ku guru teh kohkolan  # ciri ngaos di kawitan

Ngabring sanrti babarengan # ngawitan ngaos sorogan

Enjing sorogan safinah # siang gngos mutamimah

 sore  nalar jurumiyah # wengina ngaos alfiyah

Ngaos teh geningan sulit # bahasan ge pabelit

Ngartos sa alit sa alit # perjuangan santri elit

Ngaos the seer gogoda # lain berja jeng caritra 

Komo deui ku wanita #jarang anu teu kabita

Kitu deui santri istri # masing bisa tahan diri

Kade kagoda lalaki # anjen kedah hati hati

Rengse nagos jam sabelas # gewat nyariukan beas

Masak saurang sa gelas # aduh ibu meni waas

Ari dahar di amparan # jeng bvatur balakecrakan

Najan henteu di laukan #nikmatna teh alah batan

Ari sangu ciga lempah # loba cai jadi bekah

Paling oge make uyah # nyoel sambel bari sehah

Ari dahar ciga meri # kaluar mah ciga mantri

Sakapeng sok hayang seri # kitu kalakuan santri

Ceuk nu gede silaing mah # mun dahar hayang nu ngenah

Ke bae ari di imah #sa daekna ngararenah

Atawa tos di anteranm # mukla timel di laukan

Nikmat batan di restosan # kos di bui di besukan 

Sedih mun waktu ges burit # beteng lapar sing purilit 

Sedengkeun teu boga duit # boro keur meli biskuit

Boga roikmok ngan sabatang # kitu ge menang ngahutang 

Babaturan meni reang # kabeh menta pada hayang

Kolot bangun teu ingeteun # ka abdi ciga nu miceun 

Sakapeng mah pi ambekeun # ciga nu ter lantarkeun

Mugi ibu sareng bapa # ka abdi sing ngahampura

Dosa abdi nu pohara  # ka ema sareng ka bapa

Mudah mudahan sing kiat # nahan gogoda maksiat

Sing kengeng elmu manfaat # kangge dunya jeng akherat

Sakitu nadzoman abdi # judul pangalaman nyantri

Doakeun ku wargi wargi # abdi sing jadi kiayi 

by;santri elite 




Pepeling kanggo santri

Iyeu sairan sim kuring  #  di tulis na waktu peting

Di bacakeun  ngahariring  # muga sing jadi pepeling

Pepeling ker kanu  ngaji  #  rerutama amang santri

Teu ka kantun ibi sanrti  #  nu sami sami milari

Ngaos teh di al barokah  #  tersimpan kenangan indah

Najan tempat sisi sawah   # tapi hate asa bungah

Awalna mah  memang wegah  #  lila lila jadi betah

Kumpul riung berjama’ah  # di lebeut iyeu madrasah

Milari elmu sing nyaan  # kedah tahan  ku godaan

Ulah waka bobogohan  #  sing emut  kana tujuan

Tujuan urang rek ngaji  # miceun ka bodoan diri

Matak kudu ati ati  # niat urang kudu matri

Mun ngaos ulah nundutan  #  komo bari gogoleran

Bisi jadi sare nyaan  #  kitab henteu kalogatan

Sing emut urang ka sepuh  #   ngbiayaan teh  ripuh

Hampir hampir henteu mampuh  # matak kedah sungguh sungguh

Matak urang kedah rajin  #  di kobongkedah perhatin

Kana elmu masing yakin   # ulah osok loba ulin

Mengpeng urang ker di kobong  # ulah sok loba malaweng

Nu teu apal pek tanyakeun  # taroskeun kanu arageung

Mengpeng aya kasempetan  # urang ngaos kudu  nyaan

Se’erkeun urang talaran  # sangkan elmu teh nambahan

Mengpeng urang nuju salse  # waktu gunakeun sing hade

Ulah osok loba sare  #  komo mikiran awewe

Husus kanggo amang santri  #  anjen kudu hati hati

Kade kagoda ku istri    #   masing bisa nahan  diri

Sabab  istri teh  gogoda   #  gogoda nu pang gedena

Teu sa alit caritana   #  gagal teu hasil elmuna

Kitu deui ka santriat  #  anjen ngaos  kedah giat

Bilih ka bujeng kiamat #  matak ulah sok terlambat

Mun terlambat  dina ngaji  # hanjakalna mah panderi

Upami atos di bumi  #  urang hente bisa ngaji

Lamun guru ker nerangkeun  #  pek ku urang perhatoskeun

Ngalogat kade  tingalen   #  mun atos pek arapalkeun

Mun ngaos kedah serius  #  pikiran urang sing pokus

Tong loba apdet stasus  # tulas tulis dina kardus

Mun ngaos kedah tarapti  #  perhatikeun ameh ngarti

Ulah sok se’er ngarumpi # komo mikiran lalaki

Lalaki mah sok ngagoda  #  ka para kaum wanita

Kade urang tong ka bita  #  najan di bibita harta

Lalaki mah masih loba  # tong dipikiran ayena

Ulah sok gancang narima  #  bisi hanjakal ahirna

Hanjakal tara ti hela  #  kitu cenah eceuk beja

Ngaji hela masing enya   # jodo mah  moal kamana

by;santri elite








Tidak ada komentar:

Posting Komentar