بسم الله الرحمن الرحيم
ka indung urang mah munjung ☼ ka
bapa urang ngupama
sabab indung anu ngandung ☼
bapak mah anu ngayuga
salapan sasih lamina ☼ indung ngkandung putrana
bari di
rawat di riksa ☼ sangkan salamet lahirna
dimana dugi waktosna ☼ nyeri ripuh teu di rasa
banjir gertih saenyana ☼ indung mah naruhkeun nyawa
bapak maturan satia ☼muntang tulung jeng ngadoa
budakna lahir ka dunya ☼ indung ceurik bahagia
bapak rikat buru buru ☼ ngadanan ceupil katuhu
anak di
candak di rawu ☼ buru buru di pangku
dina ceupil anu kenca ☼ qomat ku bapa di baca
syukur bungah bari bagja ☼salamet lahir ka dunya
dua tahun di sususan ☼ di urus jeng di mandian
di dandanan di minyakan ☼di huapan di usapan
waktu indung ker sarapan ☼ anakna teh kaberatan
ku indung mah di obehan ☼ dahar indung di ereunan
indung mah teu kaur rapih ☼ budakna di lahun kiih
gewat budakna di raih ☼ popokna di gentos bersih
indung henteu eren ngurus ☼malah mandar budak mulus
najan awak indung kurus ☼ ibadah niatna tulus
dina teu ngarenah budak ☼
soca indung carinakdak
jantung ratug hate nyeblak ☼ hariwang bangrt ka budak
mun budak paranas tiris ☼ di pangku bari di ais
di simbutan bisi tiris ☼ indung mah baseh ba rucis
nyakitu lamun ges gede ☼indung mah poho ka cape
budak teu di perdih gawe ☼ asal di ajar sing hade
di mana hayang rarabi ☼ nu riweh bapak jeng umi
gudar
gedor jeng milari ☼bari
hate rada nyeri
sawaktu lahirna incu ☼ indung mah
ciga pembantu
ngasuh nyeseh bari nyangu ☼
indung mah teu nggurutu
awak indung nika begang ☼
lantaran ngurusan urang
najan bari kurang daang ☼ anak mah taya karingrang
sawaktu indung ker gering ☼
gualng guling berang peting
anak mah teu ambil pusing ☼ malah mah kalah teu eling
ajalna
indung di jemput ☼ ku malaikat
maut
anak incu sing kulunut ☼ kaduhung henteu narurut
hanjakal teu manggih tung2 ☼
loba doraka ka indung
ngan ukur bisa kaduhung ☼indung ges di jero padung
nun gusti pangeran abdi☼ hapunteun dosa sim abdi
dosa
ibu rama abdi ☼ nu
tos nyaaheun ka abdi
sareng
mugi- mugi gusti ☼
nempatkeun ka bapak umi
di tempatna
rohmat gusti ☼
lebetkeun kana sawargi
by;santri elite
Lalakon
di kobong
Dikobong
lamun ker bingung # taya pisan keur nyalindung
Udud ge
ngan ukur kuntung # bari di harudung sarung
Sangsara
karasa pisan # hirup di tanggung sorangan
Paitna
teh alahbatan #duh gusti abdi tulungan
Dina
batin mah ngajerit # ngoceak maratan langit
Unggal
dinten soca bintit # kana hate ge nyeletit
Iyeu
syiir di seratna # di lebet kobong nyalira
Kenangan
nu pang paitna #muga sing aya hikmahna
Karasa
pisan sedihna # nalangsa kabina bina
Mun
emut ka ibu rama # nu tos masihan bekelna
Rama nu
ngajajap uih # adbi di kantunkeun sedih
Ku
rerencangan di raih# dihibur sangkan teu sedih
Mimitina
mah ka paksa # lila lila mah biasa
Bari di
ajar dewasa # nuntut elmu pangabisa
Sa
dinteun mah henteu puguh # jeng babaturan can wawuh
Ngobrol
ge rada aracuh # da aku mah apa atuh
Di
gugahkeun subuh subuh # ku santri nu
atois sepuh
Bari
soca masih tunduh # lulunguh asa teu puguh
Ku guru
teh kohkolan # ciri ngaos di kawitan
Ngabring
sanrti babarengan # ngawitan ngaos sorogan
Enjing
sorogan safinah # siang gngos mutamimah
sore
nalar jurumiyah # wengina ngaos alfiyah
Ngaos
teh geningan sulit # bahasan ge pabelit
Ngartos
sa alit sa alit # perjuangan santri elit
Ngaos
the seer gogoda # lain berja jeng caritra
Komo
deui ku wanita #jarang anu teu kabita
Kitu
deui santri istri # masing bisa tahan diri
Kade
kagoda lalaki # anjen kedah hati hati
Rengse
nagos jam sabelas # gewat nyariukan beas
Masak
saurang sa gelas # aduh ibu meni waas
Ari
dahar di amparan # jeng bvatur balakecrakan
Najan
henteu di laukan #nikmatna teh alah batan
Ari
sangu ciga lempah # loba cai jadi bekah
Paling
oge make uyah # nyoel sambel bari sehah
Ari
dahar ciga meri # kaluar mah ciga mantri
Sakapeng
sok hayang seri # kitu kalakuan santri
Ceuk nu
gede silaing mah # mun dahar hayang nu ngenah
Ke bae
ari di imah #sa daekna ngararenah
Atawa
tos di anteranm # mukla timel di laukan
Nikmat
batan di restosan # kos di bui di besukan
Sedih
mun waktu ges burit # beteng lapar sing purilit
Sedengkeun
teu boga duit # boro keur meli biskuit
Boga
roikmok ngan sabatang # kitu ge menang ngahutang
Babaturan
meni reang # kabeh menta pada hayang
Kolot
bangun teu ingeteun # ka abdi ciga nu miceun
Sakapeng
mah pi ambekeun # ciga nu ter lantarkeun
Mugi
ibu sareng bapa # ka abdi sing ngahampura
Dosa
abdi nu pohara # ka ema sareng ka bapa
Mudah
mudahan sing kiat # nahan gogoda maksiat
Sing
kengeng elmu manfaat # kangge dunya jeng akherat
Sakitu
nadzoman abdi # judul pangalaman nyantri
Doakeun
ku wargi wargi # abdi sing jadi kiayi
by;santri elite
by;santri elite
Pepeling
kanggo santri
Iyeu
sairan sim kuring # di tulis na waktu peting
Di
bacakeun ngahariring # muga sing jadi pepeling
Pepeling
ker kanu ngaji #
rerutama amang santri
Teu ka
kantun ibi sanrti # nu sami sami milari
Ngaos
teh di al barokah # tersimpan kenangan indah
Najan
tempat sisi sawah # tapi hate asa bungah
Awalna
mah memang wegah # lila
lila jadi betah
Kumpul
riung berjama’ah # di lebeut iyeu
madrasah
Milari
elmu sing nyaan # kedah tahan ku godaan
Ulah
waka bobogohan # sing emut kana tujuan
Tujuan
urang rek ngaji # miceun ka bodoan diri
Matak
kudu ati ati # niat urang kudu matri
Mun
ngaos ulah nundutan # komo bari gogoleran
Bisi
jadi sare nyaan # kitab henteu kalogatan
Sing
emut urang ka sepuh # ngbiayaan teh
ripuh
Hampir
hampir henteu mampuh # matak kedah
sungguh sungguh
Matak
urang kedah rajin # di kobongkedah perhatin
Kana
elmu masing yakin # ulah osok loba ulin
Mengpeng
urang ker di kobong # ulah sok loba
malaweng
Nu teu
apal pek tanyakeun # taroskeun kanu
arageung
Mengpeng
aya kasempetan # urang ngaos kudu nyaan
Se’erkeun
urang talaran # sangkan elmu teh
nambahan
Mengpeng
urang nuju salse # waktu gunakeun sing
hade
Ulah
osok loba sare # komo mikiran awewe
Husus
kanggo amang santri # anjen kudu hati hati
Kade
kagoda ku istri # masing
bisa nahan diri
Sabab istri teh
gogoda #
gogoda nu pang gedena
Teu sa
alit caritana # gagal
teu hasil elmuna
Kitu
deui ka santriat # anjen ngaos
kedah giat
Bilih
ka bujeng kiamat # matak ulah sok
terlambat
Mun
terlambat dina ngaji # hanjakalna mah panderi
Upami
atos di bumi # urang hente bisa ngaji
Lamun
guru ker nerangkeun # pek ku urang perhatoskeun
Ngalogat
kade tingalen # mun
atos pek arapalkeun
Mun
ngaos kedah serius # pikiran urang sing pokus
Tong
loba apdet stasus # tulas tulis dina
kardus
Mun
ngaos kedah tarapti # perhatikeun ameh ngarti
Ulah
sok se’er ngarumpi # komo mikiran lalaki
Lalaki
mah sok ngagoda # ka para kaum wanita
Kade
urang tong ka bita # najan di bibita harta
Lalaki
mah masih loba # tong dipikiran ayena
Ulah
sok gancang narima # bisi hanjakal ahirna
Hanjakal
tara ti hela # kitu cenah eceuk beja
Ngaji
hela masing enya # jodo mah
moal kamana
by;santri elite
Tidak ada komentar:
Posting Komentar